Rabu, 16 April 2014


 Sakadar Eusi Hate.......

Manahoreng tarahal
nincak batu kahirupan teuas
beuki dieu beuki dieu
beuki beurat nanjakna
meakeun kesang kasangsaraan
cipanon tepi ka saat
koredas,
balas caah ku tunggara
nu pugug mah jalma leutik
nasibna teu puguh rupa
dijejewet angkara murka
tau apal kamana minangsaraya.....
ka kidul ?
da puguh ahlakna geus ngeprul
ka kaler ?
imanna geus beaak leler
ka kulon ?
kalakuan geus kadaloon
ka wetan ?
aaah....sarua geus taya laratan......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar